Babasan Jeung Paribasa
Babasan Jeung Paribasa
2.2. Babasan
Definisi
Babasan nya éta ungkara basa winangun kecap
kantetan atawa frasa, anu susunanna geus matok sarta ngandung harti injeuman.
Jenis-j enis Babasan
2.2.1. Babasan wangun kantetan
Babasan wangun kantetan, nya éta babasan anu
diwangun ku dua kcap atawa leuwih anu ngandung harti injeuman.
Ciri ciri babasan
wangun kantetan
a. diwangun ku dua kecap atawa leuwih /
mangrupa kecap kantetan,
b. unsur-unsurna dalit/raket teu bisa
diselapan ku unsur sejen.
Conto: gede hulu = teu bisa jadi …. Gede jeung hulu
gede huluna
gede
ka hulu
sabab, lamun diselapan ku unsur sejen bakal
ngarobah makna babasan.
c. mibanda harti imajinatif atawa harti teu
sabenerna.
Conto Wangun babasan
a. gede hulu = sombong,/ adigung / asa pang hebetna
b. akal
koja = kapinteran dipake nipu batur
c. kurung
batok = tara indit-inditan
d. ipis
biwir = babari ceurik
e. hejo
tihang = pundah pindah tempat pagawean
f. panas
barang = sirik ku kaayaan batur
g. atah
anjang = langka silih anjangan
h. amis
budi = hade paroman
conto dina wangun
kalimah:
a. Budak anu gede hulu mah teu dipikaresp ku
batur.
b. Abongna kurung batok, karek ulin nepi ka
Taman Topi oge geus bingun pikeun balik.
2.2.2. Babasan Wangun Frasa
Babasan wangun frasa nya éta babasan anu
diwangun ku dua kecap atawa leuwih anu hubungan antar unsur-unsurna ranggang
teu dalit, sarta ngandung harti injeuman.
Conto :
a. ngarah sahuap
sakopeun = usaha leuleutikan pikeun nyumponan
pangabutuh saharitaeun.
b. bur beureum bur hideung = hirup senang taya kakurangan.
c. aki-aki tujuh
mulud = geus kolot pisan
d. bali geusan ngajadi = lemah cai kalahiran
e. dug hulu pet
nyawa = usaha satekah polah
f. hutang salaput
hulu = hutang kaditu kadieu
g. kandel kulit
beungeut = jalma euweuh ka era
h. murag bulu
bitis = teu betah cicing di imah
Conto dina wangun
kalimah:
.1. Dewi mah kandel kulit beungeut bobogohan jeung nu boga salaki.
2. Sinta mah keur meujeuhna murag bulu bitis tara
aya wae di imah.
2.2.3. Babasan Wangun Rundayan
Babasan wangun rundayan, nya éta babasan anu
ngaliwatan proses ngararangkenan, boh binaraung jeung ngarajek, ngantetkeun boh heunteu, sarta ngandung harti
injeuman.
Conto :
a.
disakompetdaunkeun = disaruakeun jeung kasalahan batur
b. dibejerbeaskeun =
dibejakeun sabenerna
c. geutas
harupateun = gancang napsu
d. dibabuklalaykeun = dibabuk ka kenca katuhu
e. ngabuntut
bangkong = teu puguh tuluyna
f. paanteur-anteur
julang = silih anteurkeun
g. buntut
kasiran = medit
h. ngadaun
ngora = kaayaan jadi rame
Conto dina wangun
kalimah:
1. Koruptor téh ngabejerbeaskeun kalakuanana di persidangan.
2. Pa Memed mah katelah buntut kasiran, sok sanajan geus jadi
kapala oge.
2.3. Paribasa
Paribasa nya éta ungkara basa anu diwangun ku
dua frasa atawa leuwih anu eusina manrope luang jeung papagon hirup di
masarakat, sarta ngandung harti injeuman.
Paribasa sunda dibagi tilu golongan, nya éta
(1) paribasa wawaran luang, (2) paribasa pangjurung laku lampah hade, (3)
paribasa panyaram lampah salah.
2.3.1. Paribasa Wawaran Luang
Paribasa wawaran luang mangrupa paribasa anu eusina ngebrehkeun pangalaman di
masarakat anu geus lumrah sarta jadi bahan picontoeun/babandingan hirup.
Conto :
a. adat kakurung ku
iga = kabiasaan anu hese dipiceunna
b. buruk buruk papan
jati = goreng-goreng oge dulur sorangan moal
ngantep lamun meunang kasusah
c. awewe dulang
tinande = istri mah kudu nurut kasalaki
d. deukeut-deukeut anak taleus = deukeut tapi euweuh nu nyahoeun
e. dihin pinasti anyar pinanggih = takdir tos ditangtukeun ku Alloh
f. gede gunung pananggeuhan = boga andelan dulur beunghar
a. halodo sataun lantis ku hujan sapoe = kahadean anu mangtaun-taun leungit ku sakali
kagorengan
g. kawas bueuk meunang mabuk = ngeluk taya tangan pangawasa
h. katempuhan buntut maung = batur anu boga dosana, urang
anu katempuhanana
2.3.2. Paribasa Pangjurung Lakulampah Hade
Nya éta paribasa anu eusina ngebrehkeun hiji
hal nu dipigawe atawa mangrupa nasehat.
Conto :
a. kudu nete taraje nincak
hambalan = kudu puguh tahapanana lamun migawe
pagawean
b. kudu bisa ngeureut
neundeun saeuitik
mahi loba
nyesa = kudu apik dina nyekel harta benda
supaya
boga bekel
c. kodu bodo alewoh = lamun teu nyaho kudu daek
tatanya
d. kudu hade gogog, hade
tagog = sopan santun, hade tatakrama
e. kudu ka cai jadi saleuwi, kadarat jadi
salogajk = sauyunan silih pihapekeun
f. kudu leuleus jeujeur liat
tali = kudu loba tinimbangan
g. landung kandungan laer
aisan = kudu gede tinimbangan
h. kudu loba luang jeung
daluang = loba pangalaman jeung pangaweruhna
2.3.3. Paribasa Panyram lampah salah
Nya éta paribasa anu eusina mangrupa panyaram
pikeun ngalakukeun hiji hal anu matak ngarugikeun.
Conto :
a.ulah agul ku payung
butu =
ulah agul ku turunan
b. ulah adean ku kuda
beureum = ulah ginding ku pakean meunang nginjeum
c.ulah biwir nyiru
robengeun = resep nyaritakeun kagorengan batur
d.ulah bodo kawas
kebo = bodo kacida
e. ulah dagang oncom
rancatan emas = ngalakukeun hiji hal nu teu saimbang
f. ulah kokoro manggih
mulud = sarakah makmak mekmek
g. ulah siga lauk
buruk milu mijah = marok marokeun maneh
h.ulah meumpeun carang
ku ayakan =
api- api teu nyaho padahal nyaho
14 comments: